New Normal (5)

Silahkan bagikan
Rekacipta Fendy Sy Citrawarga

 

“MANI kacida si Darsép, sajadah digadékeun abong keur jaman werit usum korona.”
“Lah na teuing Ujin, si Darsép dipercaya. Moal gé aya nu daékeun ngagadé sajadah, manasina ngagadékeun emas.”
“Ngagadékeun emas gé sesah ayeuna mah Bi.”
“Piraku Asép?”
“Enya Bi. Kaalaman ku Bi Iroh.”
“Ari kitu kumaha caritana Sép?”
“Enya meureunan geus teu boga bekel nya ngagadékeun emas, tapi euweuh nu daékeun padahal emasna mah mani gedé, moal kurang ti genep puluh kilo.”
“Alah siah, nu balég Darsép?”
“Bener Jin.”
“Emas naon mani gedé-gedé teuing?”
“Mas Joko, salakina.”
“Hahaaa…….”
“Angger si Darsép mah geus teu normal téh. Cik da ayeuna mah jaman new normal, kasakit normal heubeul téh eureunan Darsép!”
“Kumaha Bah tos siap new normal téh?”
“Nya siap teu siap kudu siap wé Bi. Da geuningan kieu kanyataanana. Cacak lamun pirus korona enya-enya nyingkah mah tangtu urang saréréa baris hirup dina kaayaan normal heubeul.”
“Sateuacan aya korona nya Bah?”
“Tah kitu Jin. Ubrang-abring, padeukeut, teu dimasker, sakola, ka kampus, digawé, dagang, goyang ranjang, jeung sajabana.”
“Beu, éta si Abah maké aya goyang ranjang sagala. Naon maksadna?”
“Tuh da kitu Bah si Ujin mah sok hayang jéntré.”
“Nya enya atuh Bi. Da uing mah teu ngarti naon goyang ranjang téh. Mun goyang dangdut ngarti nyaéta jogéd ngigel dipirig musik dangdut.”
“Nya goyang ranjang gé sarua Ujin jogéd nu matak ranjangna bergoyang-goyang ogé.”
“Dipirig lagu naon, Bi?”
“Tuh nya si Ujin mah hayang jéntré deui waé. Mun urusan goyang ranjang hayang jéntré pisan, kateun Bibi engké peuting urang prakték.”
“Prakték goyang ranjang. Bi?”
“Goyang jojodog Sép da Bibi mah teu boga ranjang.”
“Hahaaaa……..!”
“Atos Bi ah, angger geus ngacapruk téh.”
“Muhun nya Bah raos upami urang uih deui ka jaman normal heubeul mah.”
“Nya enya atuh Bi. Tangtuna saréréa miharep kitu. Tapi ku lantaran korona masih kénéh aya, kabuktian kasusna lain ngurangan kalah nambahan, nya kapaksa wé urang saréréa kudu hirup new normal, daméy dengan korona téa.”
“Nambihan deui kasusna Bah?”
“Enya Jin. Tepi ka poé Kemis kamari téh kasusna ngahontal angka 28.818.”
“Gustiiii…..tos badé tilu puluh rébu, mani betah korona di urang nya Bah?”
“Enya Bi da bongan masarakatna loba nu teu narurut, panggero ti pamaréntah teu digugu.”
“Leres Bah. Dinormal-normal ogé ari korona aya kénéh mah angger wé palalaur nya, moal sampurna siga jaman norma heubeul.”
“Tah kitu, Bi. Wayahna wé urang kudu nyanghareupan new normal bari tetep ati-ati.”
“Leres Bah, kedah sapertos Si Oji jeung si Atih, motékar.”
“Motékar kumaha Darsép?”
“Enya Jin pan keur jaman bormal heubeul mah pangantén téh sok dahar huap lingkung nyaéta dahar silih huapan.”
“Ari jaman new normal?”
“Diganti ku huap alung jero sarung.”
“Hahahaa…..” (réngsé) **

Baca Juga :  Ketua PCNU Kabupaten Bandung Apresiasi Aktivitas MWC NU Baleendah dalam Mengisi Ramadan 1445 H

visiadmin

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *

Next Post

Wabup Garut Helmi Budiman, "Pak Bupati Masih Menjalani Perawatan, Trombositnya Terus Mengalami Penurunan"

Kam Jun 4 , 2020
Silahkan bagikanVISI.NEWS – Saat ini Bupati Garut, Rudy Gunawan, masih menjalani perawatan akibat terserang demam berdarah dengeue (DBD). Namun kondisinya sudah semakin membaik meskipun trombositnya terus mengalami penurunan. “Pak Bupati masih menjalani perawatan. Namun alhamdulillah kondisinya cenderung terus membaik dan kita harapkan agar beliau secepatnya pulih kesehatannya,” kata Wakil Bupati […]